• Hong!

    Béja ti Hagia Sophia


    Hagia Sophia miboga sajarah anu kawilang panjang. Di jaman Kontantinopél, ieu wangunan téh kaasup kana salah sahiji garéja. Nalika Kontantinopél taluk dina tanggal 29 Méi 1453, Sultan Muhammad al-Fatih, atawa Mehmed II, ngadegkeun solat di dinya.

    Inyana ngarobah ieu garéja jadi masjid, anu sacara simbolik negeskeun kajayaan jeung kakawasaan Dinasti Ottoman (Khilafah Utsmaniyah). Masjid Hagia Shopia diikareueus ku para nonoman Turki ti danget harita.

    Dina tanggal 1 Pébruari 1935, Mustafa Kemal Attaturk, kasohor salaku Bapa Turki Modéren nu mawa sékulérismeu, ngarobah ieu masjid jadi museum. Masjid Hagia Sophia dianggap simbul Dinasti Utsmani.

    Kiwari, ieu museum dirobah deui jadi masjid ku pamaréntahan Turki, nu mawa geunjleung ka pirang-pirang pihak, ti mimiti lembaga dunia nepi ka para pingpinan nagara jeung agama, nu nyaluyuan kana parobahanana.

    Sumber poto: ITI
    Sumber artikel: detikcom

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi