• Hong!

    TALATAH KARÉTA ANGIN


    Sagala rupa ogé, Cu, kuduna diperjuangkeun. Moal aya dumadakan, impian jol kanyataan. Éta mah ukur 'na dongéng, séwu hiji nu ngajadi.

    Najan ngeureuyeuh tur nikreuh, kudu tigin' na lumampah. Kapan ieu perjuangan, tangtu butuh pangorbanan. Tina peurih jadi peurah. Ti susah midangdam bungah. Dudunga 'na saban wayah.

    Mun téa hasilna béda, géséh tina pamaksudan. Teu salempang, henteu ringrang. Jangji Gusti mah da pasti. Aya barokah luméngkah, kanyaah nu tumaninah.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi