• Hong!

    ABUNAWAS KASINUGRAHAAN LAILATUL QODAR


    Langka pisan jalma kasinugrahan “Lilatul Qodar”. Hiji peuting dina blan Romadin nu ajenna mapakan sarebu bulan. Ukur jalma-jalma ahli ibadah jeung rea amal soleh, sarta dina bulan Romadon ngahususkeun diri itikaf, tadarus Quran, dzikir wirid, katut pasunatan- pasunatan sejen saban peuting, bari beurangna puasa.

    Tapi rohmat Alloh SWT bisa tumiba ka saha bae. Kaasup kaAbu Nawas, hiji panyajak Arab abad 10 nu kasohor baragajul, tukang rucah jeung ngabaju nginum arak. Abu Nawas (ngaran sabenerna, Abu Hani Muhammad bin Hakami, lahirdi Ahwaz, Persia, taun 735, wafat di Bagdad, taun 810), kamashur dina nganggi puisi nu dipikaresep ku Sultan Harun al Rasyid alAbassi, khalifah Dinasti Abasiyah taun 786-809. Abu Nawasrancagě pisan ngarang sajak nu ngandung lulucon (mujuniyat), ngeunaan cinta jeung kageulisan wanoja (gazal), pujian ka salah saurang jalma (madah), atawa sajak nu ngandung panyindir lemes tapi seukeut (hija). Dina kaayaan mabok inuman keras, bari ngacapruk, Abu Nawas nyipta sajak-sajak nu muja-muji alkohol atawa khomar, nu disebut sajak “khumriyat”.

    Lantaran kalakuanana “urakan”, ingkar tina adab tatakrama, jeung teu ngigama (athěis),AbuNawas teu dipikaresep ku kaum agamawan jeung nu pageuh nyekel tetekon kasopanan. Balukar kalakuanana kitu patut, Abu Nawas kungsi ngalaman dipanjara.

    Dina hiji peuting bulan Romadon,Abu Nawas mabok. Leumpang dadaligdeugan.. Gebrus ka walungan Tigris nu jero. Caina tarik umpalan.Manehna roroěsan. Satekah polah mumbul. Tapi ngerelep, ngalěong palid.

    Untung aya nu nulungan.. Metot awak Abu Nawas nu geus teu daya teu upaya. Abu Nawas digolěrkeun sisi walungan. Barang beunta, ěta nu nulungan těh nyarita :

    "Ya, Abu Hani, idza lam takun milhan tuslih, fa la takun zubabatantufsid (Hě Abu Hani, lamun anjeun teu bisa jadi uyah nu matak ngeunah kana kaolahan, atuh anjeun ulah jadi laleur nu matak rujit nu ngaruksak idangan).

    Abu Nuwas ngaranjug. Langsung ngarasa dirina teu běda ti laleur. Malah leuwih hina jeung leuwih pikarujiteun batan laleur. Maněhna ngadadak sadar, yěn ngalarung taun-taun kahirupan, teu mawa mangpaat nanaon. Ěleh ku uyah. Nu puguh mah, ngan ngaruksak. Padahal nyieun karuksakan těh apan dilarang keras ku Alloh SWT.La tufsidu filardli. Innallaha la yuhibbul mufsidin/ (Alquran Surah Al Qashash ayat 77).

    Harita kěněh, Abu Nawas nětě proses kasadaran (ayyaqzoh), terus nyaliksik diri (al muhasabah), sakalian pertobat tina sagala dosa (at taubah), meungpeung diběrě kěněh kasempetan hirup.

    Tas ngalaman kajadian kitu, Abu Nawas ngaganti syair-syairna ku zikir. Mindahkeun peuting-peutingna ka masjid. Nyingkahan ngulayaban ka tempat-tempat masiat.Maněhna teu hayang jadi laleur nu matak dipikarujit ku balarěa. Sanajan teu jadi uyah, teu nanaon. Asal teu mawa karuksakan ka diri pribadi jeung nu sějěn.

    Sobat-sobatnasa "gěng" barěto, ngahaja daratang nepungan Abu Nawas nu keur i'tikaf di hiji masjid, dina sapuluh peuting pamungkas bulan Ramadan.

    "Naon nu diunikeun ku lětah jeung biwir anjeun ayeuna, hě bu Nawas ?" babaturanana ngajejelěh.

    "Ayat-ayat Alquran," těmbal Abu Nawas, kalem.

    "Nu metet ngeusian uteuk anjeun?"

    "Alloh Nu Maha Agung, Maha Kawasa, nu mampuh ngarobah hiji jalma gorěng patut lahir batin kawas aranjeun, jadi jalma hadě kawas kuring."

    "Kumaha cara anjeun měakkeun mangsa peuting di tempat nu taya botol alkohol jeung sora tatabeuhan nu matak ngahudang sahwat?”

    "Ku ngadeukeutkeun diri kuring ka Zat Maha Mulya, nyaěta Allah SWT."

    "Ari beurang, ngider ka mana ?"

    "Ka sagara pituduh Alloh nu kebek ku rohmat jeung pangampura. Kuring moal sasab, sabab ayat-ayat dawuhanaNa, tětěla pisan”, cěk Abu Nawas bari nyutat dawuhan Kangjeng Nabi Muhammad saw “afdlola ibadatiummatiy tilawatul Qurani”. Panghadě-haděna ibadah umat kami nyaěta maca Quran.

    Salah sahiji puisi rělijius karya Abu Nawas, nu dipikawanoh pisan di urang, sok dipakě“pupujian" saměměh atawa sabada salat berjamaah, nyaěta :

    “Ilahi, lastulil firdausi 'ala
    Wa la aqwa alan naril jahimi
    Fahabli taubatan waghfir dzunubi
    Fainnaka ghafiru dzanbil adzimi”.

    (Duh,Ilahi Robbi, teu pantes kangge abdi sawarga
    Nanging abdi moal kiat ku siksa naraka
    Nya abdi mung miharep pangampura
    Margi Anjeun Maha Hampura)

    Puisi-puisi Abu Nawas katut lalakon hirupna, ditulis di antarana ku Mustafa Abdur Razak, dina buku "Abu Nawas, Hayatuhu wa Sya'iruhu"(1981). Kamashur jeung dipikaresep di sakuliah dunya sanggeus ditarjamahkeun kana basa Jerman oleh A.von Krěmer"Diwan děs Abu Nuwas Grossten Lyrischen Dichters der Araber" (1806).

    Abu Nawas bisa dipakě conto ngeunaan kaberakahan Romadon nu disebut “Syahrul Mubarokah”. Hasil metik ajěn-inajěn Romadon nu ngandung rohmat, maghfiroh (ampunan) jeung “itqun minannar” (diběbaskeun tina siksa naraka). Sakaligus meunang kurnia anugrah "Lailatul Qadar". Hiji peuting dina bulan Romadon nu sabanding jeung sarěbu bulan.

    Kasadaran Abu Nawas nu tumuwuh bulan Romadon, lumangsung terus sanggeus Romadon lekasan, nepi ka tepung deui jeung Romadon taun hareupna.***

    Seratan yasana H. M. Usep Romli

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi