• Hong!

    Nyekar


    Peuting bangun nu seunggah datang. Ngungun. Ronghéapna ukur nohonan kawajiban. Ngarayap, lalaunan. Nuyun sareupna anu sarua léléda, nu taya kasieun kaporotan. Tapi, sésa caang mingkin ngurangan.

    Cihideung. Suni nu kahieuman wanci. Lebah tonggoh. Penclutna mapag léngkah-léngkah nu nyorang jalan satapak ti tungtung lembur. Keclak. Keclak. Sésa cihujan tina sesela rungkun jeung tatangkalan, kiwa-tengen pajaratan. Cumelecep hawa teu ngeureunan paniatan. Jog.

    “Tah, beresihan palih dinya....”

    Bapa. Nuduhkeun kana jujukutan. Kuring laju mantuan. Tutas éta, ngariungan makam di handapeun tangkal samoja. Gerendeng, Bapa mingpin ngadunga. Kuring aaminan bari nyeuseupan bau baju anyar nu kelirna diseragamkeun jeung adi, dalah kumaha.

    Pangdunga can bérés waé. Mimiti élékésékéng. Adi mah sok komo deui. Dikeukeup dina lahunan Mamah, sina anteng. Bapa husu. Kuring teu sabar. Rusras. Dina toplés di rohang tamu, aya kuéh, permén, sagala rupa. Babaturan, ngarajakan kukurilingan. Lebaran!

    “Hayu, Ang….”

    Sot. Pipi nu napel kana tetengger. Rangkulan sabada dunga. Nyalangkrung. Pileuleuyan heula, Bapa, Aki.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi