• Hong!

    Juragan Chana, Inohong Perwayuhan Tingkat Déwa


    Juragan Chana, ngaranna. Lengkepna: Zionnghaka Chana. Urang India, manéhna téh, ti désa Baktawng, wewengkon Mizoram. Manéhna kiwari jadi kawéntar ka sakuliah dunya, minangka panyoblos nu diincer ku sakabéh partéy dina pemilu di nagarana. Kumaha teu kitu tuda, sab manéhna miboga 39 bojo jeung 127 turunan! Atuh puguh wéh, partéy-partéy pada ngadeukeutan ka manéhna, da perelu kana sora ti kulawarga badagna téa. Apanan, asal bapana geus kabeuli haténa mah, éta jumlah panyoblos nu leuwih ti saratus téh bakal kaala.

    Juragan Chana, kitu ceuk situs dailymail, minangka pingpinan salah sahiji sekteu poligami nu ngawenangkeun anggahotana pikeun boga bojo sabaraha waé jumlahna. Pokona mah sakadugana-sakahayangna. Éta sekteu téh boga anggahota tepi ka 1700-an jalma, kaasup kulawarga Chana nu geus aya kana opat generasina. Palasipah sekteu téh cenah tina ajaran Kristen, tapi pingpinan-pingpinan geréja Presbyterian –aliran utama di wewengkon éta- teu nyaluyuan kana prakték perwayuhan ala Juragan Chana.

    Bojo Juragan Chana pangkolotna, Zathiangi umurna kiwari 69 taun, sedengkeun Siami, bojo panganomna, umurna kakara nincak 30 taun. 27 urang ti antara para bojo Juragan Chana téh nyicingan hiji imah badag nu ngabogaan 100 kamar. Padumukan éta, dilengkepan ku Taman Bermain, sakola, kandang ingon-ingon jeung kebon sayur keur nyupléy kabutuhan sapopoé maranéhna.

    Kulawarga super badag téh unggal poéna méakkeun 30 hayam, 60 kilo kentang, jeung sakintal béas. Tangtu wéh, aya tugas gilir dina sagala rupa hal di imah éta. Ari pakasaban maranéhna mah utamana tina nyieun furnitur kayu jeung gerabah/keramik. Ku gambaran saliwatan gé, gampang kabadéna, pisakumahaeun sibukna ieu jalma. Juragan Chana téa.

    (kenging: Yuska Sadéwatal)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi