• Hong!

    Judad-jedud

    Ti isuk mula. Kanyeri, kanceuh deui. Judad-jedud. Matak aral. Barangcapék gé teu mirasa. Huntu, gara-garana. Enya. Korowokna geus lila. Tapi, unggal-unggal tatamba, kontrolna deui mah embung nedunanana. Bisi der dicabut, tuda. Najan cék babaturan barangasan ogé, ari kudu nyanghareupan suntikan mah ké heula. Mahal ongkoh. Duit sakieu susahna. Keur sapopoé ogé matak jangar karasana.

    Jedud. Pabeubeurang. Pareng keur kieu, mun dahareun keuna kana sakadang huntu nu éta, kanyeri saalam dunya tungkeb sakabéhna. Hayang ngagorowok, tatajong, atawa gogoléran. Awahing ku nyeri-nyerina. Ngan, da teu bisa. Otot kalah kabetot. Tambah-tambah pinyerieunana. Pakjedudna, lir kabadug malékat liwat. Humarurung. Ras. “Ka dokter, Pah,” nu ngajurungan. Ah, moal! Engké gé cageur sorangan. Ngirit. Sakieu tengah bulan téh.

    “Bagus kan, Paaah?” Si Kunéng. Pasosoré. Ujug-ujug nyengir, hareupeun pisan. Reueus, ngagaya. Kawat sténles boborélakan. Karétna warna-warni. Béhel. Geus lila bébéjana. Usum, cénah. Torojol. Nu marahmay. “Pah, asik… Mamah suksés négo. Lima ratus per bulan, nyicilna.” Jedud. Leng.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi