“Kitu jeung kitu wéh Si Yahudi téh, kalakuanana. Saban-saban. Tapi, kasabaran tatanggana lir samudra. Nepi ka hiji mangsa. Si Tatangga téh ngadatangan imahna. Nu ngabagéakeun, ngungun paromanna. Singget carita, sémah téh dianteurkeun wéh ka pangsaréan nu keur gering rada parna. Si Yahudi téa.”
“Atuh reuwaseun?”
“Puguh, kacida reuwaseunana. ‘Anjeun téh hiji-hijina nu ngalongokan. Nu séjén mah euweuh nu miroséa. Apal ti mana?’ pokna. ‘Kuring téh hélok,’ walon Si Tatangga, ‘panandéan kukucuran, saat eusina. Hariwang, bisi kumaonam. Tétéla geuning. Sing énggal waluya, nya.’ Curucud. Si Yahudi téa. ‘Naha teu ceuceub? Kuring sok ngiihan hateup padumukan anjeun sakitu lilana?’ nanya, dareuda. Gogodeg, tatanggana téa. Imut. ‘Saur Jungjunan kuring: sing saha nu iman ka Gusti jeung poé ahir, mulyakeun tatanggana!’ Teg. Si Yahudi reumbay cimata. Dumadak léah haténa. Nyuuh. Sahadat saharita. Tah…, palebah dieu cénah, kajadianana. Karuhun saksina. Béja tatalépa, nepi ka hidep ayeuna.”
Geleber. Haliber. Luhureun ruruntuk mangpirang-pirang. Patempatan nu dirungkad perang.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment