• Hong!

    Batur Di Dapur

    Maksakeun, najan hemar-hemir. Kumaha deui, tuda. Gawéan sakieu ngabrugbrugna, ari mata geus tunduheun kacida. Kulutrak, muka panto. Sora rekétna ngahudangkeun peuting simpé. Bus ka pawon cakueum. Cét témbokna témbong remeng-remeng boléklak sawaréh. Barohak kahakan mangsa. Jajantung mimiti ratug. Cetrék, ngahurungkeun kompor. Ninyuh caina heula, dipaskeun sagelaseun. Mencrong panci, aya ku lila ngagulakna. Teu wani ngarérét-ngarérét acan ka lebah juru mah, deukeut panto kaluar nu brasna ka sumur tukang. Puriding. Beuki dieu beuki karasa. Ti saprak duaan nyicingan imah lawas titinggal Nini. Mun peuting-peuting asup ka dinya. Asa aya nu nalingakeun waé. Leungeun ngodomang kana toplés kopi. Sagap-gapeun pisan. Kagareuwah ku nu ngahéos halon pisan, binarung nyelecepna hiuk angin tiis kana punduk. Gebeg. Ngadégdég. "Badé ngopi, nya?" Pamajikan jol nangtung gigireun. Gusti, geus méh pegat rénghap. Unggeuk. Nyérangkeun manéhna ngaléos ka kamer mandi. Kopi geus jadi. Gidig. Rék ngahanca deui gawé. Ngaliwatan panto kamer nu méléngé. Rét. Nu nyegrék tibra.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi