“Kadé, Jang…, ulah poho ubar téa, nya..!” Emana, dina korsi roda. Dareuda, paselang jeung batukna. Dadi unggeuk. Gap, amitan. Indit leuwih awal. Ngageuleuyeung. Nyorang gang leutik, numpak motor métik hasil oper kiridit.
“Kiridit? Ulah, bisi teu kuat mayar! Engké waé, aya rijki ku uing dipangmeulikeun.” Bi Isoh teu lémék. Tumarima, ngawayahnakeun. Ngalimba, basa neuteup salakina miang. Ngagagandong karung, rék mulungan sarupaning runtah pelastik. Dipilihan, dikumpulkeun. Ditukeurkeun duit.
“Duit? Keur naon deui?” Kerung. “Ari Papih! Apanan budak rék piknik ka Bangkok téa…!” pamajikanana muncereng. Joni ngarahuh. Lima juta, anyar kamari, kurang kénéh. Amplop coklat dibuka deui. Song. Gap. Kélong deui waé, mangkaning duit kantorna. Sup, sésana, kana tas kerja. Baluweng. Mercy méncrangna ngadius indit.
Aya tabrakan, isuk harita. Duaan korbanna. Sedan Mercy neunggar motor métik. Nyolontod, nabrak pembatas jalan. Nyangsang, tonggoheun tempat pamiceunan runtah. Kacana pareupeus, eusina raracleng. Mancawura. Bi Isoh juuh cimata, ngusapan panci jeung kompor anyarna, basa didongéngkeun kajadianana.
(kenging: Yuska Sadéwata, midang di Harian Galamedia edisi Sabtu, 7 Desember 2013)
No comments:
Post a Comment