• Hong!

    Juru Dongeng Pangkahotna

    Aduh, asa mangtaun-taun teu ngeusi deui dongeng didieu yeuh. Ah, keun wae lah, da ma'lum ieu mah tukang dongengna sok angin-anginan... Barina nu maosna oge arang langka ieuh lah anu nyasab kadieu diantara geledeganana alas pringadingacala alam maya. Moal aya nu nagih pan, so no problome lah (alah, emang gaya nya? siga pamingpin urang sok nganggo basa bule dina biantarana... edun lah, kelas dunia euy!)

    Bari ngupingkeun kacapi suling tina dongengek.blogspot.com, ieu emang ngetik deui teh. Bari ngemut jaman katukang, jaman keur jadi budak kakasepna jeung lulucuna pisan. Harita emang ancrub dina orhanisasi PPD (persatuan pencandu dongeng). Teu sirikna manco manco bae ari penggemar dongeng mah, saban jamna dongeng dipedar dina radio teh.

    Beda kani'matanana ari ngupingkeun dongeng tina radio teh. Hese digambarkeunana, jaba katagihan ku terusanana eta carita. Mun katinggaleun atawa kaheuleut sa episodeu teh handeueul pisan.

    Nu pikasebeleunana? Iklan! Teu pupuguh jagoanana keur tarung, ujug-ujug musuhna... jegoh jegoh batuk. "Ke heula!" cenah ceuk musuh semu ripuh. Der teh juru dongeng nyebutkeun si musuh ngaluarkeun heula obat batuk GEBUXIN, halah...

    Komo deui, keur raramena gelut. Belesat, hiuk... Gajleng, serepet... Gorowok teh... "Eueueueuhhh... waktosna seep paramitra!!" Coba, eta juru dongeng teu sopan pisan megat carita teh mani taya rasrasan...

    Saha juru dongeng pangkahotna? Hese ngajawabna, kusabab bisa beda antara pecandu nu hiji jeung nu sejenna. Aya nu resep pisan Wa Kepoh, Mang Jaya, oge meureun nu liana oge. Saha nu panghebatna? Hanjakal can pernaha aya tarung antara juru dongeng nya. Mun mah aya, tilu juru dongeng disapanggungkeun, sina ngocoprak silih elehkeun. Misalna, tugaskeun wae sina nyaritakeun gelut maenpo, masing-masing juru dongeng nyekel jagoan sewang-sewangan, diwaktu ngadongengna teh sina samenit ewang.

    Sigana bakal rame pisan, kusabab musuh nu geus meh perlaya teh ujug-ujug pindah juru dongeng jadi cenghar deui hehehe... Wah, moal teu bukbek antara juru dongengna geura antukna mah! Komo mun hadiahna samiliar mah... (da teu daek badami dibagi tilu tea! :D)

    Atos ah, emang bade neda heula... Asa teu puguh dongeng siang ieu mah nya? Keun we lah... Cag!

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi