• Hong!

    Kang Cépot Kapiuhan

    Kang Cépot bingung teu manggih tungtung. Can pernah kajadian, Bapa Semar nepi ka bébéakan ambekna, lir ibarat amarah sakampung Tumaritis dikumpulkeun keur manéhna sorangan. Beungeut Kang Cépot, nu sasari beureum euceuy, nepi ka sepa kagila-gila. Antukna lila-lila jadi témbong pinky, alias kayas téa.

    "Pariksa deui yeuh ku ilaing suratna! Pariksa! Lain kalah molohok kitu, satéh!" soanten Lurah Semar ngéléhkeun guludug gunung Merapi bitu. Keretas nu dirikes-rikes, dialungkeun. Gap ditéwak ku Kang Cépot. Nu ngeleper soak.

    ---

    Geus saminggu Ema, Ny. Sutiragén Badranaya, teu damang wales. Bapa Semar nepi ka weléh, néangan ubar teu kapanggih waé nu cocog. Kungsi nyalahkeun, pajar téh nu dibeuli boa générik kabéh, da bojona teu cageur-cageur. Bapa Semar kaasup golongan konservatif, nu yakin sarébu persén, yén ubar generik teu sarua hasiatna jeung nu bermérek. Kang Cépot, nu mangmeulikeun, nétélakeun yén ubar keur Ema téh kabéh bermérek. Teu maké nu générik, da diomat-omatan ku bapana. Kang Cépot bari méh pundung, da asa dituduh nilep duit obat téa. Salian narima duit ti nu mesen KTP mah, nanahaon kabongbroy ku tulap-tilep sagala, kitu pikirna.

    Naon atuh kasakit Ibu Lurah téh? Bapa Semar manggih bongbolongan, satutasna menekung mujasmédi di hareupeun layar léktopna. Dibéré wangsit ku Batara Google ngaliwatan layang internét. Tétéla, tina hasil tapabrata téh, nu gering parna ngan ukur bisa diubaran ku pusaka Prabu Yudistira.

    "Ayeuna kénéh, Jang, manéh ka karaton Amarta," parentah Bapa Semar ka Kang Cépot. Pokna deui, tandes, "Tong poho, jieun heula surat! Bisi dituduh KKN, nginjeum properti nagara teu prosedural. Jig!" Parentah lisan dilengkepan ku duit SPJ-na, sapuratina.

    ---

    Kusabab ayeuna mah ti Tumaritis Village ka Amarta téh geus aya monorél, jadi teu susah teuing jiga jaman baheula. Sajajalan Kang Cépot teu eureun-eureun muji dina jero haté. Kamajuan hasil pangwangunan di Amarta karasa pisan. Nyaan, Pandawa mah bisa ngamajukeun nagara, béda pisan jeung kaayaan Astina, nu beuki poé téh mingkin ruksak kaayaanana.

    Di Astina mah keur 'heboh' kasus alona Dorna anu ditewak ku pulisi, sabab nilep duit pajeg nagara nepi ka miliaran jumlahna. Kasus téh jadi béja sabiwir hiji. Dipintonkeun méh unggal waktu dina berita tipi, nepi ka Kang Cépot béak déngkak mikaceuceubna. Tapi angger wéh ditéangn deui beritana, ongkoh deuih penyiar tipin gareulis pisan cenah.

    Kang Cépot sabenerna lain ceuceub ku beritana hungkul nu dibulak-balik dekok saban wanci. Lain ku pédah cua-cua teuing kana urusan tukang nilep pajeg nu jahat. Utamana mah, sabab konséntrasina kana sinétron 'Cinta Pergiwati 4' kaganggu. Puguh éta téh sinetron kameumeut manéhna. Tapi kani'matan nongtonna, ayeun kaganggu da der bari dipasangan 'newsticker' alias téks berjalan ngeunaan kasus pajeg téa.

    ---

    "Plok!" beungeut Kang Cépot dicabok Bapa Semar. Tarik nakeranan. Geuneuk. Keur mah saméméhna ogé can pernah katémbong teu geuneuk.

    "Dititah nyieun surat waé, teu belul! Ngérakeun aing siah, deuleu! Pajar ngahina lambang kaagungan nagara, lembur urang téh!" Ki Lurah sepuh ngabérébét nyarékan anakna. Laju ninggalkeun rohangan, bari nahan amarah nu méh teu kawadahan. Ninggalkeun Kang Cépot nu ngemu kareuwas kénéh.

    Gerendeng Kang Cépot maca surat nu jieunanana. "Sehubungan dengan kondisi Ibu Sutiragén yang...." Ngahuleng heula sakedapan. Uni surat téh asa teu aneh, da sarua jeung surat-surat nu biasa dijieun ku manéhna. Apanan aya formatna, geus biasa. Kang Cépot boga kapabilitas jadi jurutulis désa, samalah geus ditatar di karaton sagala. Miboga sertipikatna deuih.

    "... bermaksud meminjam pusaka...," pokna ngagerendeng deui. Halon, neruskeun maca. Teu kebat, da kaburu kapegat gurubugna. Panonna ngadadak molotot. Beungeutna nu ngayas pias, beuki sepa leungiteun ludira. Bumi alam karasa mimiti muter. Reup-reupan poék.

    "... pusaka layang gayus kalimusada..."

    Kang Cépot katimu keur kapiuhan ku adina, Kang Dawala, kulisi désa. Awakna nyangsaya tanpa daya deukeut panto Balé Désa. Rumohpoy, bari angger ngeukeuwuk kénéh surat téa. Deukeut palebah sirahna, nu kabantalan tumpukan koran "Media Amarta", kabaca headline koran kamari: "Tersangka Koruptor Bambang Gayustama Dibebaskan!"

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi