• Hong!

    Dagang Oncom Rancatan Emas


    "Kumaha, Jang Sarta, kana peryutuban téh masih kénéh dipaju?"

    "Laah, atos henteu, Wa. Atuda hanas abdi séséépan, dugi ka ngical motor hérli sagala ngawaragadanana, ari sabsekraiberna ukur kénging sakedik. Padahal tos dinamian Sarta Gelapdordar, Wa, akunna téh. Aya hasilna mah, mung cekap kanggo mayar kuota hungkul, Wa. Déng, nasib, nalangsa, lah."

    "Baaruuuk? Atuh kasebutna dagang oncom rancatan emas ari kitu mah, Jang!"

    "Muhun, Wa. Bangkar, lah. Teu kahartos!"

    "Heueuh, heueuh. Atuh kumaha ayeuna, Jang?"

    "Abdi badé nyobian dina instahram ayeuna mah, Wa. Kamari nembé ngical pérari pamasihan mamang kanggo modalna. Manawi wé di instahram mah aya onjoyna."

    "Nya, seug atuh. Uwa mah ngan bisa milu ngadungakeun, Jang. Sing hasil mucekil balantik téh. Sing alus wé nyieunan kompanna, nya."

    "Kontén, Wa."

    "Tah, enya éta ...."

    1 comment:

    1. According to administration estimates, SGHC is a market chief in sports activities betting and on-line casino gaming, with web gaming income of $1.forty eight billion in FY21. The company has licenses for each sports activities betting and on-line casino video games in 24 jurisdictions. This doesn't include a 빅카지노 lot as} 12 jurisdictions in the us where DGC USA has initial agreed market entry offers. The company is at present applying for licenses in other states and jurisdictions or negotiating licenses with them. Several nations in Africa and Europe have already liberalized and controlled sports activities betting and/or on-line casino gaming, with quantity of} more in the early phases of doing so.

      ReplyDelete

    Sajak

    Opini

    Résénsi