• Hong!

    Galégéh Gado

    Barang asup ka rohangan ogé katara beungeut Jack téh bangkenu. Manéhna buru-buru diuk, satengah ngabeubeutkeun manéh kana korsi. Leungeunna gasik ngendoran dasi, bangun anu pohara hareudangna. Padahal na jero kantor kacida tirisna, perbawa musim dingin anu keur nataku.

    "Ku naon ari manéh, Jack?" pok Daniel bari kerung. Geuwat diuk hareupeun méja kerja Jack. Nu ditanya teu buru-buru ngajawab.

    "Teu nyangka ka si Rudolfo, euy. Si manusia sarébu senyum téa ningan. Hanas ku uing dipercaya da bageur pisan, teu nyaho proposal proyék hotél disoro ku manéhna. Ah, pikasebeleun tingkat kabupatén!" Jack wakca bari satengah kekerot.

    "Paingan kamari katémbong indit jeung manéhna, Jack. Lunch nya, di mana?" Daniel bari semu olohok.

    "Enya, kamari uing jeung Patricia diajak dahar di luar ku manéhna. Bosen di warung Bi Jenny waé mah, pajar téh. Asli ditraktir ku manéhna, bray, bari ngobrolkeun proyék téa. Ari heug manéhna mah kituna téh aya pangarahan. Patricia gé ceurik kénéh tuh di tukang, kanyenyerian, atuda proyék badag uing jeung manéhna ieu mah. Jutaan dolar!"

    "Si Rudolfo téh asup kana babasan galégéh gado tah, Jack. Siga nu enya daréhdéh jeung béréhan, tapi teu nepi kana haté, ukur laku palsu. Ku uing pékprék waé lah, nya!" Daniels nguniang. Jack curinghak.

    "His, ulah, bray. Ulah saruana. Keun waé cukup jadi pelajaran keur uing jeung Patricia. Engké gé pasti aya wawalesna …."

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi