• Hong!

    Tugu Panglawungan Rasa


    “Angga, nging telat!”

    Tabuh sapuluh peuting. Léok. Rég. Hareupeun wangunan heubeul, toko buku panineungan, lebah péngkolan. Palataranana reuteum ku motor, sawaréh plat luar kota. Tukang parkir rikat merenahkeun. Kolébat. Kempotna, cureuleukna, makutana nu ngarambueuk. Asa cangcaya. Nyaan tepung deui? Rahuh. “Sakedap gé wios, please!” Nyeuit. Naha baheula sulaya? Tapi, sésa peurih mingkin kasilih.

    “Di mana, Rin?”

    Parapatan Tugu. Mandara lawungna rasa ayeuna-baheula. Haliwu. Badis kariaan. Tinggarimbung. Deukeut diorama, lebah ‘Pal Putih’-na, sakuriling-bungkingna. Popocongan jeung bregodo témbong sayaga. Jeprét, jeprét. Burinyay. Pagaliwota. Patalimarga heureut ku mobil, motor jeung jelema. Ratusan sepéda macangkrama. Mana manéhna?

    “Anggaaa!” Moal bireuk, halimpuna. Baheula, haleuangna nu mentang asmara. Lieuk. Moal kalinglap ku gamis jeung kurudungna. Bréh. Imutna, teuteupna. Geulis cara baheula, taya cawadeunana. Tapi, juru panonna gular-giler, nengetan kénca-katuhueunana.

    Berebet. "Iya, Bundaaa!" Budak leutik, nyikikik. Nunjuk popocongan nu ngarenyuan. Gabrug. Diakeup deudeuh, diusapan. Manéhna. Silih rérét jeung gigireunana. Ger. Saleuseurian. Ngaweuhan. Mirig ieu léngkah, gasik ngajauhan.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi