• Hong!

    Rubuh


    jungjunan,
    peuting leungiteun simpé
    ngaheruk di parapatan
    neuteup pulas konéas
    sésa-sésa gambar trésna
    grafiti wanci bihari

    hariring ti jalan dago
    aweuhan tan ngawirahma
    mingkin peura mingkin suda
    kasilih pagaliwota
    roda-roda, hégak jalma
    lan sora taya reureuhna
    sajak layar videotron

    léngkah demi léngkah
    meuntas bulungbung lulurung
    mandara waruga tibra
    jero angkot nu réréndéngan
    luhureun granit impian
    nyungsi peuting mapag sugan

    di parapatan
    palebah wangunan lawas
    nu rubuh kalindih jaman
    gigireun jungkiring sigrong
    lambang gebyar kamajuan
    randegna nu panungtungan
    mungkas carita kamelang

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi