• Hong!

    Katamuan Kawawuhan

    Tengah peuting. Tirilik, SMS. Nyah. Rumahuh. Wanci kieu. Dipareuman, Si Bos bisi ngontak. Kulisik. Rét. Gigireunana tibra. Si Jangkung Lenjang, boléklak. Kuniang. Nyieuhkeun simbut. Gigideug. Bareurat. Gasik dibaju, hawa AC cumelecep. Leguk. Sésa inumeun disakaliguskeun. Segak. Nyay. Gap, hapé. Kerung. Teu wawuh nomerna. Curinghak. Ketug jajantung ngerepan. Mukaan tas. Sup, simcard anyar. Pepencét. “Yakin?“ “Saratus persén!”

    Janari. “Atos, Bos!” Léos. Tilu balikan, supirna mindahkeun mobil ka béngkél kawawuhan. Séréngéh. Hadé milik, kabéh can dibalik-namakeun. Jung. Lalanjung. Geus dua jam di kantorna. Ngésang. Mindah-mindahkeun arsip, mupusan data, sawaréh didurukan. Duit diringkid. Kasubuhnakeun, mulang ka hotél deui, Lantai 18. Ngagabrug nu ngaréngkol téa. Reup.

    Tabuh salapan. “Teu bisa! Tungguan heula!” Manéhna nagen, masang badan. Taya kagimir. Si Bos pias, satukangeunana. Tamu panghareupna mureleng. Serenteng. Gampleng. Dayagdag. Bru. Gurinjal. Gap-gep, pada ngarejengan. “Cukup, cukup!” Dununganna ngadégdég. Sumerah diborogod. Sadar, kabongkar. Dekér, kabéh rohangan dipariksa, imeut kacida.

    Pasosoréna. “Kéhéd, siah! Bengep, deuleu. Cokot, nya….”

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi