Neuteup potrét anjeun. Kasakitu balénan. Gugupay. Diaping manéhna. Tengah-tengah nu antay-antayan. Pangcékasna tina éntép-éntépan gambar. Taya bédana. Meg. Saban bray dina layar. Enya gé aya imut nu angger ngirut, liuh hihideung soca, sabiasana. Tapi, teu wasa mendet lémbéréh na jero dada. Haté. Haté mah katiruk peurih. Tingsérését.
“Tebih teu?” Barabat. Cumarita. Daria. Harita, basa ngajak ka pasamoan ‘Cula 3’ téa. Bati ngabelenyéh, mireng sora ogo ti tungtung dunya. Kasima. Gumalindeng wirahma cinta putri Sunda. Sidik, anu jauh mah urangna, Lis. Nu teuing iraha bakal pitepungeunana.
“Baduy?” Api-api. Tatanya. Di mana, kumaha. Padahal, di dinya manggihan diri. Nepungan kasajatian. Nincak nanjak-mudunna lulurung kasabaran. Nyeuseup hawa kawijaksanaan, handapeun iuh-iuhanana. Nguyup cipancuran kawaluyaan. Dicelup atikan Ayah, diaping piwulang Jaro. Warisan ti jaman ka jaman. Cecekelan, tug ka kiwari. Mangsa kumelendang deui di mandara rereged murka.
“To love, to lose…, Doctor Bruce Banner.” Nu nepak. Gék. Sabeulaheun. Mésem. Peter Parker. Manéhna mah surti, Lis.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment