• Hong!

    Mesin Fikmin

    "KUMAHA pami kieu, Bah?" Diilikan. Rét. Teuteupna nganaha-naha. "Giung. Cik, dipeureut deui!" Ngarahuh. Geus tujuh balénan nyetor, angger teu meunang peunteun lumayan-lumayan acan. Rék pundung, rék ngaku taluk taya kabisa, dihulag dihiap-hiap. Panyombona ngusapan haté nu kokoléangan.

    "Geus alus ari alusna mah, Jang. Sing percaya, da Abah mah tara muji ukur saucap-ucapna. Hanjakalna, jajar pasar kénéh." Itu geura, ngabeberah tapi nyeuit. Sangkilang bati hulang-huleng bari ngaheumheum aral téh. Sidik nepi ka siga nu langlang-lingling. "Heug tong aral ari nulis téh, da yakin, bakal kurang mirasa!" Géhél, katohyan. Gidig, mungkur. Milih rék neruskeun hanca garapan.

    Sup, sup. Kekecapan bahan. Teu maké lila, itungan sesekonan. Ungkara-ungkara éndah ngalagena, ngabaris éntép-éntépan. Rapih, alus saéjahanana. Petingan. Matak pogot nu macana. Bérés pan urusan. Kiwari kari 'kipas-kipas cari angin'. Mangsana midang tinggal muka program, copy-paste, laju daréhdéh ngajawaban nu ngaloméntaran. Riweuhna, Si Abah hayuh waé ngélékétékan, ménta dipang-install-keun éta program. Meredih beurang-peuting, lir nu kapidangdam.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi