• Hong!

    Salah Posisi Anu Berkecepatan Tinggi

    Salila nyorang jalan dina poé ieu mah, bet asa ku hareurin pisan. Utamana pasosoré di deukeut Tugu ka Jalan Mangkubumikeun. Kuta Jogja karasa beuki kebek ku rupa-rupa tunggangan patingbelesat, roda dua nu jadi totondén kumawasana tehnologi ti nagari srangéngé kumeleték.

    Sok wé geura, belesat honda pamacan, gilek motor kawas aki-aki tapi ninja, biur nu séjénna. Pangpangna mah mémang motor anu beuki ngaheuheurinan jalan téh. Ieu téh jaman ayeuna, da ceuk sakaol mah jaman baheula ieu Dayeuh Mataram téh pinuh ku sapédah. Kiwari, kring-kring diganti ku king-king....

    Soré tadi, wanci sareupna. Magrib geus nepi. Kuring ku aya-aya waé maké jeung ngadeukeutan motor hareupeun basa eureun di palebah 'bangjo' Pingit. Bangjo téh singgetan tina abang ijo, hartina trépik lait anu warnana aya beureum jeung héjoan. Kuring keur mulang ti kota, ngulon rék ka padumukan.

    Barang aya di satukangeun motor Si Mba, minangka nu panghareupna dina antrian nu eureun di bangjo téa, teu bisa katahan, béda ti sasari kuring maké jeung pirajeuneun. Countdown lampu bangjo terus mundur ngadeukeutan angka enol, nu ngantri geus sariap rék tingbelesat.

    "Mba," rada tarik meueusan kuring so' rajin maké jeung ngagero nu numpak motor hereupeun téa. Manéhna ngalieuk. Ngagandong tas, maké erok, sigana mun lain mahasiswi, tangtu pelajar ieu mah.

    "Lampunya dimatiin aja mba..." cekéng téh.

    Si Mba téa aya di beulah kenca hareupeun kuring, paling kénca dina antrian panghareupna. Di katuhueun motor kuring geus sayaga para motoris séjén lir para pembalap moto-GP rék mimiti setar di sirkuit Sepang.

    Ceuk pamikir, ieu Si Mba sigana pohoeun teu mareuman lampuna, matak bingung ka nu di tukangeun. Tadi saméméh eureun di bangjo, kaciri aya motor méh katabrak ku tukangeunana, kusabab kaciri ngagilek ngadadak rék ngénca, padahal lalu lintas keur ramé pisan jeung rapet.


    Si mba teh kalah siga teu ngawaro. Bororaah dipareuman, anggeus ngecek lampu ku leungeun katuhuna teh kalah jongjon nungguan bangjo pindah kana lampu hejo deui. Aeh aeh...

    "Mba, lampu sein-nya bingungin orang, matiin aja," kuring eces siga pulisi lantas wae, bubuhan mantan patroli keamanan sakola baheulana, ngan teu naek pangkat.

    Si mba teh mareuman lampu sen-na ayeuna mah, tapi siga bari rada ngagerendeng. "Ke kanan..." cenah rada laun, kurang kadenge da awor ku sora motor mobil di gigireun. Oh, pikir teh, tadi meureun memang tas ti kenca, asup ka jalan ngatuhu, jadi pohoeun mareuman lampu rihtingna. Nu jelas, mun ayeuna manehna rek ka katuhu, kuduna posisi aya di katuhu, ulah pangkencana, da lajur keur nu rek lempeng atawa ngenca.

    Beres nitah mareuman teh asa dosa. Nanahaon make jeung comel atuh lah, keun wae pira oge lampu. Ngan pamikir teh bisi siga tadi aya nu rek kasenggol gara-gara posisi teu nempat tea.

    4... 3... 2... 1... 0...

    Lampu beureum teh pindah kana hejo. Samemeh kuring bisa narik gas, naaa ari belesat teh motor si mba ngatuhu langsung ka kalerkeun, ti kenca pisan ngagunting ka katuhu. Reuwas nu aya ningali manuver si mba nu nekad ngagas tarik pisan, bari jeung paur motor-motor katuhueun kuring tingbelesat ke kulon, alias lempeng.

    Untungna teh bet ku kabeneran sabaraha motor di kencaeun teh sarua pada ngebutna ka katuhu, bari jeung lampu rihtingna tingkariceup. Ngan si mba anu pede ngabelesat teu dirihtingan.

    Eta ku waas, boa si mba bari kukulutus nya, "Puguh aing teh rek belok ka katuhu, der dititah mareuman lampu sein..."

    Untung, pasti kudu aya kecap untung nya, untung wae teu jadi mamala. Mun seug aya lakalantas hareupeun kuring tadi, asa moal bisa leupas tina rasa salah nitah mareuman lampu sein motor manehna.

    Boa manehna oge bakal nunjuk beungeut kuring. Bari meureun nyalahkeun, "Lha wong saya itu mau mbelok ke kanan kok disuruh matiin lampu sama si abah, aeh mas ituh..."

    Data Kepolisian Republik Indonesia menyebutkan bahwa sepanjang tahun 2011, jumlah korban meninggal akibat kecelakaan lalu lintas di Indonesia mencapai 31.234 jiwa. Adapun kerugian ekonomi yang diderita akibat kecelakaan yang menelan korban jiwa mencapai Rp 35,8 triliun. Tingginya angak kecelakaan lalu-lintas di Indonesia dipicu oleh beragam faktor, diantaranya adalah sarana dan prasarana jalan yang masih jauh dari memadai, penegakan hukum di jalan yang masih lemah, pertumbuhan jumlah kendaraan yang tidak terkendali, dan yang paling utama adalah kultur berkendara masyarakat Indonesia yang masih jauh dari beradab. Kultur berkendara masyarakat Indonesia tersebut dipengaruhi oleh situasi sosial yang hampir setiap harinya dihadapi oleh para pengguna jalan. (sociusrider)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi