• Hong!

    Sasakala Selat Sunda jeung Gunung Krakatau


    Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Harita mah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.

    Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur dibagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.

    Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea. Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh, atuh bendu pisan anjeunanana.

    Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyarembah ka Prabu Rakata, kitu deui para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnamah Raden Sundana nu wani ngarugrug nagara raina.

    Dua putrana anu tarungkul teu lemek teu nyarek, atuh Sang Prabu teh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pangtapaanana.

    Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda.

    Numawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ka ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau.

    Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.

    Rincian Dongeng:

    - Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
    - Bahasana : Lemes
    - Palakuna: Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
    - Watek palakuna :
    Prabu Rakata= Arip, adil, tur bijaksana.
    Raden Sundana= Sarakah
    Raden Topobrana = Embung ditindes
    - Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
    - Eusi/hikmah nu bisa di cokot :

    Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijaksana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.

    Sumber: www.scribd.com

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi